Kamis, 26 September 2019

LAPORAN KEGIATAN MENINGKATKAN KINERJA MGMP BAHASA DAN SASTRA SUNDA JENJANG SMA/SMK WILAYAH `IV,V,VI

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh


Bandung Lembang puser kaendahan
diriung ku gunung-gunung
gunung sasakala sunda, sunda jaya nubaheula
panjujugan, paniisan 
pangbeubeurah, nu keur susah 
panyinglar suk kawa manah
musnah ku hawana gunung

(Kawih Bandung Lembang)

      Eta kawih teh asa matak waas, komo nalika kuring keur diuk dina korsi honje di sagigireun tangkal kembang kantil nu jangkungna geus ngaleuwihan suhunan aula tempat acara MGMP Basa Sunda dilaksanakeun. MGMP Basa Sunda tingkat provinsi baris ngalaksanakeun diklat MGMP nu judulna "Meningkatkan Kinerja MGMP Bahasa dan Sastra Sunda Jenjang SMA/SMK WILAYAH IV,V,VI". 
     
    Ieu diklat MGMP teh dilaksanakeun ti tanggal 25 September 2019 nepi ka 27 September 2019. Anapon tempatna nya eta di Grand Hotel Lembang. Pamilonna mangrupa guru basa Sunda jenjang SMA/SMK nu aya di KCD IV (Kabupaten Karawang, Kabupaten Subang, jeung Kabupaten Purwkarta), V (Kota Sukabumi jeung Kabupaten Sukabumi), jeung VI (Kabupaten Cianjur jeung Kabupaten Bandung Barat). Pamilon diklat tti masing-masing KCD jumlahna 44. Jadi 44 dikali 3 KCD, jumlah total pamilon dina ieu diklat teh nya eta 132 urang. 

      Teknis dina ieu diklat nya eta unggal KCD dijadikeun sakelas, hartina tilu KCD teh jadi aya tilu kelas. Kuring kaasup kana KCD VI sabab ngajar di SMK N 1 Cipongor nu merenahna di Kabupaten Bandung Barat. Di kelas kuring aya tilu urang pemateri, nya eta:
1. Drs. Dingding Haerudin, M.Pd. salaku dosen di jurusan Bahasa Sunda UPI Bandung
2. Kang Darpan salaku tim MGMP Bahasa Sunda tingkat Provinsi
3. Kang Encep  salaku pupuhu MGMP Bahasa Sunda tingkat Provinsi


     Materi nu didugikeun ku eta emateri teh langkunng jelasna aya dina ieu file dokumen, nu tiasa di download dina link di handap:




DOKUMENTASI KAGIATAN MGMP BAHASA SUNDA 

Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ibu Dewi Sartika Ngabuka Acara MGMP 



Foto Bersama MGMP Kabupaten Bandung Barat dengan Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat


Foto Bersama MGMP Kabupaten Bandung Barat dengan Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat



Foto Proses Pemberian Materi di kelas oleh Kang Darpan selaku pemateri dari MGMP Bahasa Sunda

<script data-ad-client="ca-pub-1339149007302020" async src="https://pagead2.googlesyndication.com/pagead/js/adsbygoogle.js"></script>




Tidak ada komentar:

Posting Komentar