MATERI 1: BAHASAN TRADISI SUNDA
Ieu di handap wacana pedaran ngeunaan Kampung Cireundeu
karya Ari Andriansyah. Pék baca ku hidep kalawan gemet nepi ka paham eusina!
Kampung Cireundeu
“Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”,
aksara latén jeung Sunda Kuna natrat dina gapura, mapag léngkah basa mimiti
anjog ka tempatna téh. Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap. Da puguh
kampung téh pernahna di léngkob, handapeun suku Gunung Kunci, Ciménténg,
Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung-eunteung deuih jeung urut TPA Leuwigajah
nu kungsi maragatkeun puluhan jiwa. Pernahna mah di Kalurahan Leuwigajah,
Kacamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi. Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah,
kira-kira 40 km laju ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi ka 2 jam. Éta
gé lamun ngagunakeun kandaraan pribadi, sedeng kana umum mah leuwih lila ti
sakitu. Da puguh kudu sababaraha kali ganti angkot. Ti Leuwipanjang mah naék
angkot nu ka Cimahi, laju naék deui jurusan Cimahi- Leuwigajah, terus
Cimahi-Cangkorah, jeung ditungtungan ku naék ojég sangkan nepi ka nu dituju. Sabéngbatan
mah Cireundeu téh prah baé kawas kampung séjénna. Lebah kamekaranna gé sarua.
Imah témbok ngajarengléng, atuh télévisi, radio, hapé, jeung barang éléktronik
séjén gé geus lain barang anéh. Dina widang atikan gé kaitung maju, wuwuh réa
nu sakola ka paguron luhur. Cindekna, tingkat ékonominamgeus lumayan maju. Ngan
nu matak narik, lian ti masarakatna masih kénéh nyekel pageuh tatali tradisi,
kadaharan pokona gé lain béas, tapi sampeu (manihot esculenta crautz ). Nurutkeun
katerangan, masarakat Cireundeu mimiti
ngonsumsi sampeu ti taun 1918, mangsa Walanda keur ngajajah kénéh. Cenah,
harita Cireundeu ngalaman paila nu matak nalangsana. Pikeun ngungkulanana,
salah saurang sesepuh kampung néangan tarékah, nu satuluyna meunang pituduh
sangkan ulah ngadahar kadaharan tina béas. Nya nyobaan ganyol, taleus, jeung
hajeli pikeun gantina. Tapi teu kuat lila, nu antukna pindah kana sampeu nepi
ka kiwari. Pantes rék kituna téh, da puguh Cireundeu mah wewengkonna kurang
cocog pikeun nyawah. Malah cenah lamun melak paré, komo nincak katiga, sok
gagal waé, cai téh ngadak-ngadak saat. Teu nanaon teu boga huma asal boga paré,
teu boga paré asal boga béas, teu boga béas asal ngéjo, teu ngéjo asal dahar,
teu dahar asal hirup, mangrupa palsapah Cireundeu dina mertahankeun hirup ku
jalan néangan alternatif kadaharan pokok (béas) ku sampeu. Mémang ngadahar
sangu lain pantrangan, tapi wuwuh geus jadi kabiasaan kana sampeu, cenah,
kiwari masarakatna loba nu jarijipen, malah loba nu nyareri beuteung lamun geus
ngadahar sangu téh.
Konsep:
Nulis Pedaran
Ayeuna urang diajar nulis pedaran. Tapi saméméhna, naha
hidep kungsi maca hiji katangtuan nulis pedaran nu hadé? Sangkan tulisan urang
hadé, nulisna lancar, sarta kaharti eusina ku nu maca, perlu urang merhatikeun katangtuan
dina nyusn hiji tulisan. Pén tengetan ieu sawatara hal penting di handap.
(1)
Nangtukeun Téma, Topik, jeung Judul
Téma : pokok pasualan atawa bahan nu rék ditulis (dipedar)
Judul : beungeutna hiji karangan
Upama téma mah ambahan (ruang lingkup) ngeunaan pasualan
atawa bahan nu rék ditulis, sedengkeun judul mah pedaran awal (pituduh singget)
eusi karangan nu rék ditulis. Téma mangaruhan kana wawasan nu nulis. Leuwih
loba maca, nu nulis bakal leuwih loba bahan nu bisa ngadeudeul kana bahan nu
rék ditulis dumasar éta téma.
(2)
Nangtukeun Téma
Sawatara hal penting sangkan téma nu diangkat gampang
dimekarkeunana, di antarana:
a.
ulah nyokot téma nu pedaranana lega
teuing
b.
pilih téma nu dipikaresep sarta
kira-kira ku bisa dimekarkeun;
c.
pilih téma nu sumber atawa bahan-bahana bacaanana
babari dipaluruhna.
Saupama téma geus ditangtukeun, satuluyna dipedar jadi
hiji wangun karangan nu ngaguluyur tur sistematis. Salah sahijina ku cara
nangtukeun heula judul karangan. Ari judul karangan nu hade nya éta nu
ngagambarkeun sakabéh eusi karangan nu rék ditulis.
(3)
Nangtukeun Topik - Judul
•
Nangtukeun judu karangan
•
Nangtukeun naon masalahna, naha, kumaha,
di mana, jeung iraha.
•
Judul minangka jabaran tina topik.
•
Judul leuwih husus (spesifi k) jeung
ngagambarkeun masalah atawa variable nu bakal
dipedar
•
Judul teu kusu sarua jeung topic.
Saupama topik sakaligus jadi judul, sipat éta karangan
biasana umum jeung ambahana leuwih lega.
•
Judul ditulis sanggeus ngagarap téma,
sangkan kajamin éta judul cocog jeung eusina;
•
Judul nu hade bakal ngirup nu maca
neuleuman eusina;
•
Judul ngan ukur nyebutkeun ciri-ciri nu
pentingna wungkul, nepi ka nu maca bisa ngabayangkeun
halhal naon nu bakal kabaca dina éta tulisan.
(4) Sarat judul yang baik
•
Judul kudu luyu atawa relevan jeung téma
atawa topic
•
Judul kudu nimbulkeun kapanasaran jalma
hayang maca éta karya
•
Judul kudu singget, ulah dina wangun
kalimah atawa prase panjang tapi kudu ngawangun kecap atawa beungkeutan kecap
nu singget
•
Upama kudu nyieun judul nu panjang,
ciptakeun judul utama nu singget, tuluy judul tambahan nu panjang.
•
Judul ulah provokatif.
(5)
Tujuan Nulis
Sangkan teu ka mana-mendi, urang ogé perlu nangtukeun
tujuan nulis. Tujuan nulis bisa dirumuskeun, upamana pikeun ngabéjakeun, pikeun
manggihkeun, pikeun ningkatkeun, pikeun ngadalikeun, pikeun nganalisis, pikeun
nambahan atawa ngurangan, jeung sajabana.
(6)
Nagumpulkeun Bahan
Sanggeus nangtukeun tujuan, satuluyna nangtukeun bahan.
Rupa-rupa cara ngumpulkeun bahasan tulisan, di antarana maca Koran, majalah,
nanyakeun ka narasumber. Cindekna mah unggal panulis ngabogaan cara
masingmasing dina ngumpulkeun bahasa nu rék ditulisna.
(7)
Milah-milah bahan
Sanggeus boga bekel bahan, tuluy éta bahan téh dipilah-pilah,
dipasing-pasing. Pilih mana nu penting, mana nu kudu ditulis leuwih ti heula
jeung mana nu dipandeurikeun. Ngan ulah poho, cokot bahan-bahan anu luyu jeung
téma karangan nu geus ditangtukeun. Cindekna, catet hal-hal penting, maca
dijadikeun hiji kabutuhan, loba diskusi nu positip pikeun nambahan wawasan.
(8)
Nyusun Rangkay Karangan
Bekel karangan nu meunang milih téh tuluy disusun dina
wangun rangkay karangan. Susun saléngkah saléngkah. Léngkah mana nu rék
diheulakeun jeung bahan mana nu rék diasupkeun. Kitu satuluyna nepi ka ngawujud
rangkay karangan. Ku cara kitu urang bakal bisa nulis kalawan museur (focus)
tur ngaguluyur sarta kaukur.
Wamgum Tulisan Bahasan
Cara nuliskeun tulisan bahasan téh rupa-rupa wangunna.
Sangan leuwih paham, di handap dipedar wangun tulisan bahasan, di antarana:
a.
Arguméntasi (Persuasi)
Arguméntasi
(Persuasi) téh wacana nu eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna
hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang
pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
b.
Déskripsi
Déskripsi
téh tulisan nu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian sacara jéntré ka
pamaca, tepi ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu
digambarkeun dina wacana.
c.
Narasi
Narasi téh
nu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy
tur runut.
d.
Éksposisi
Éksposisi
téh wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana
jeung gunana.
Tulisan
bahasan mah ilaharna sok maké wangun tulisan campuran contona déskripsi jeung
narasi atawa narasi jeung arguméntasi. Pikeun nangtukeun hiji tulisan kaasup
kana jenis karangan naon, tingali baé sabagian gedé cara nulisna atawa eusina.
Maham Struktur Bahasan
Struktur
tulisan bahasan diwangun ku bubuka, eusi, jeung panutup. Bubuka minangka bubuka
atawa panganteur tulisan. Bisa ku nerangkeun gambaran tempat, nyaritakeun
naon-naon anu rék dipedar, atawa nyaritakeun perkara séjén nu patalina jeung
bahasan pikeun babandingan.
Bagian eusi
mah nyaritakeun inti bahasan. Sedengkeun bagian panutup minangka pamungkas
tulisan bahasan. Bisa ku kacindekan, harepan ka hareupna, jeung nyaritakeun kaayaan
kiwari boh nu hadé boh nu goréng pikeun ngirut pamaca.
PAMALI jeung SANGET
Diropéa tina Ésséy Cécé Hidayat,
nu dimuat dina Majalah Cupumanik
Anak, sacara kodratna lahir dina kaayaan
suci bersih lir kapas nu nyacas bodas. Rék jadi hideung, rék jadi beureumna téh
kapan kumaha kolotna. Cara dina keretas téa mah budak téh lir keretas bodas
tulisaneun. Rék ditulisan ku nu rocét atawa ku nu rapih, gumantung ka nu
nulisanana. Sakumaha dina ajaran Islam gé aya hadis nu nerangkeun yén orok
gubragna ka alam dunya dina kaayaan suci bersih, rék di-Islamkeun,
di-Nasranikeun, atawa di-Majusikeun téh gumantung indung jeung bapa, nu jadi
kolotna. Kolot boga kawajiban nangtukeun pikaharéupeun anakna. Rék sina hadé,
rék sina goréng, rék Islam, Nasrani, atawa Majusi kumaha kolot nu ngurus jeung
ngatik ngadidikna. Di dieu, pangaruh kolot téh gedé pisan dina lebah nangtukeun
atikan jeung didikan ka nu jadi anak.
Jaman baheula, para karuhun Sunda tétéla
geus boga padika keur nangtukeun papagon hirup anak incu buyut turunanana.
Ajaran atawa papagon hirup nu kitu téh ceuk istilah populérna mah disebut “Kearifan
Tradisi” atawa aya ogé nu sok nyebut “Kearipan Lokal” téa. Nya
éta sarupaning ajaran, aturan, padika,
tetekon, papagon hirup jeung palasipah hirup nu asalna tina “luang ti papada
urang”. Cindekna gumelarna kawijakan hirup nu turun-tumurun téh biasana
ngeunteung tina alam sabudeureun. Contona mangrupa babasan, paribasa,
kapamalian, uga, cacandran, sanget, rupa-rupa upacara adat, jampé-jampé,
paparikan-sisindiran, jeung sajabana. Eusina leubeut ku rupaning silib, sindir,
siloka, simbul, jeung sasmita.
Konsép atikan kolot baheula, najan bisa
waé can paamprok jeung ajaran Islam, tapi geuning dina enas-enasna mah geus
ngamalkeun ajaran Islam. Contona lebah konsép “Amar ma’ruf nahiy munkar”, kapan
kolot urang, Karuhun Sunda geus wawuh jeung éta konsép. Aya ajaran panyaram
lampah salah jeung pangjurung lampah bener, nu nyampak dina babasan jeung
paribasa. Upamana dina lebah nyaram lampah salah, dina babasan-paribasa nyampak
mangpirang-pirang conto anu eusina nyaram. Saperti: Ulah biwir nyiru rombéngeun, ulah gindi pikir belang bayah, ulah kabawa
ku sakaba-kaba, ulah cul dogdog tinggal igel, ulah nangkeup mawa eunyeuh,
jeung sajabana. Kitu deui dina lebah nitah milampah hadé, kapan réa babasan
jeung paribasa nu eusina nitah migawé bener atawa rupa-rupa kahadéan. Saperti:
kudu hadé gogog hadé tagog, kudu leuleus
jeujeur liat tali, kudu ngadék sacékna nilas saplasna, kudu landung kandungan
laer aisan, jeung réa-réa deui.
Kolot urang baheula,
saréngkak jeung saparipolahna téh éstuning tarapti jeung ati-ati. Lebah
nerapkeun ajaran atawa atikan ka budak tara ku cara togmol atawa langsung
nerag. Tapi sok dibalibirkeun ku rupaning dongéng-dongéng pieunteungeun,
dongéng-dongéng bangsa jurig jeung dedemit, atawa ku nyieun aturan-aturan
panyaram nu disebut Pamali.
Kecap pamali nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1994) mah
cenah sagala hal anu sok aya matakna
nurutkeun kapercayaan karuhun, saperti ulah sok lalangiran, pamali! matak ditinggalkeun
maot ku indung; ulah sok diuk dina lawang panto, pamali! matak nongtot jodo.
Ari cék RA Danadibrata mah nu
disebut pamali téh nyaéta larangan sepuh
urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya
matakna.
Cindekna pamali téh
sarupaning pantrangan-pantrangan anu kudu dijauhan, anu teu meunang
dipilampah, sabab lamun dirémpak bakal nimbulkeun mamala. Jadi mun budak rék
milampah hiji pagawéan anu teu parok jeung aturan kolot, kolot urang baheula
cukup nyebut “teu meunang, pamali, bisi matak anu…” Ku kitu gé, budak téh sok
tara loba tatanya deui, éstuning nurut wé da maksudna kalawan lantip tur surti
ku kolotna geus dibéjaan. Basana gé cukup ku “Ulah kitu sabab bisi kitu”.
Eusina siga nu nyingsieunan, padahal disatukangeun lalangsé éta panyaram téh
aya maksud anu nyamuni, anu kudu disurahan, anu kudu dipikiran deui. Tah bakal
kaharti jeung kabukana rasiah éta silib, sindir atawa siloka dina éta
kapamalian téh lamun budakna geus jadi jelema sawawa, geus mikir déwasa, geus
loba luangna.
Tétéla geuning aya maksud
di satukangeun lalangsé kecap pamali téh. Di dinya nyampak ajaran tradisional
nu kudu disurahan kalawan wijaksana. Pantrangan-pantrangan nu patali jeung maké
tur ngagunakeun tutuwuhan atawa sasatoan. Sasatna lain teu meunang tapi ngatur
sangkan ulah dibéakeun. Jantung cau upamana, kapan éta téh pibabakaleun buah
cau, lamun jantungna diala terus dipaké kadaharan saméméhna, meureun moal jadi
buah. Atuh moal aya buah cau. Tah éta téh hiji gambaran yén kolot urang baheula
mah wijaksana jeung nyaah ka alam sabudeureun. Sagala nu nyampak di alam téh
keur manusa, tapi teu meunang sagawayah maké jeung ngagunakeunana, kudu maké
aturan. Ku aturan nu sifatna teu tinulis saperti pamali téa ge geus cukup, da
masrakat harita kukuh pengkuh, tuhu jeung taat disiplin kana aturan nu geus
dijieunna.
Kecap pamali ogé tétéla
ampuh pikeun ngaraksa jeung ngariksa kalumangsungan lingkungan alam sabudeureun. Kecap
pamali bisa nyegah pagawéan anu bakal ngabalukarkeun ruksakna lingkungan. Upamana
pikeun ngaraksa jeung ngariksa leuweung, masarakat Sunda buhun, kolot urang
baheula, nyieun aturan mana leuweung anu meunang disaba, jeung mana leuweung
anu teu meunang disaba. Nya aya aturan nu ngabagi babagian leuweung jadi
leuweung larangan jeung leuweung tutupan nu dipahing diganggu, komo deui
diruksak mah. Ngan wungkul leuweung nu teu kaasup leuweung larangan jeung
leuweung tutupan anu meunang disaba sarta dicokot mangpaatna. Jadi, asup ka
leuweung tutupan jeung leuweung larangan mah pamali pisan, sabab mun dirémpak
bakal nimbulkeun mamala. leu téh éstuning wijaksana jeung cerdas, sabab
geuningan karuhun urang, kolot baheula geus ngalaksanakeun konsép konservasi
leuweung anu ngalestarikeun leuweung katut pangeusina. Kaharti ku akal, kapan
nya leuweung nu jadi sumber nyimpen cai jeung nyegah tina bencana alam banjir
atawa longsor téh. Sabab mun leuweungna ruksak, sumber cai jeung sumber alam,
flora katut fauna nu aya di leuweung bakal ruksak nepi ka béakna.
Aya conto séjén anu
patali jeung ngatur, ngajaga, ngaraksa jeung ngariksa tutuwuhan nu nyampak di
alam. Upamana dina lebah nuar tatangkalan, boh kai, boh awi. Karuhun urang
pantrang ngalakukeun dina 2 poé nu dianggap sakral nyaéta poé Salasa jeung poé
Jumaah. Naon sababna? Kapan poé Salasa téh sok dipaké poé pasar, ari poé
Jumaah, kapan poé ibadah umat Islam, ngalaksanakeun sholat Jum’ah. Lamun unggal
poé dina saminggu diwenangkeun kitu waé nuar awi atawa kai, meureun bakal
béak sagala tatangkalan téh, pangpangna ari awi jeung kai mah sok dipaké bahan
keur nyieun imah. Pon kitu deui dina cara nuar awi, teu meunang sagawayah tapi
kudu dipilih tina dapuran awi anu pangjerona, anu umur awina geus kolot, sabab
lamun nu ngorana dituaran atuh bakal tumpur. Dina ngala kawung ogé, anu méh
saban bagian ngabogaan mangpaat, karuhun urang teu sagawayah ngagasab tangkal
kawung, tapi diatur ku tata titi nu rintih maké upacara adat, ngahoramat kanu
dianggap ngageugeuhna. Balukarna tara aya tangkal kawung nu wani-wani
diruksak, malah diraksa jeung diriksa da ngahasilkeun lahang pigulaeun. Kitu
deui cara melak pepelakan, cara paré di sawah atawa di huma teu sagawayah, tapi
diatur ku papagon-papagon adat tradisi, ku cara maké upacara adat.
Lian ti kapamalian, pikeun ngaraksa
jeung ngariksa lingkungan alam sabudeureun, pangpangna tempat dimana nyampak
sumber huluwotan cai, anu biasana mah sok dibarung ku ayana tatangkalan kai anu
galedé, kolot urang baheula nyieun aturan atawa papagon ku cara nyebutkeun yén
éta tempat téh SANGET. Ari sanget téh hartina dina éta tempat aya sabangsaning
jurig atawa dedemit anu ngageugeuh. Lamun digunasika atawa diganggu komo deui
diruksak mah, tangtu jurig nu ngageugeuh éta tempat bakal mawa mamala. Ku cara
kitu gé éta tempat téh aman, tara aya nu wani-wani ngadatangan, sok komo ngaruksak
atawa nuar kaina mah. Harita mah dikitukeun téh percaya wé. Ku aturan ayana
jurig nu ngageugeuh nepi ka meunang sebutan sanget téa, sumber-sumber alam nu
nyampak di dinya jadi aman. Sirah cai atawa huluwotan cai teu diganggu, kitu
deui tatangkalanana ogé aman. Sabalikna lamun éta sumber cai jeung kaina
diruksak ku cara dibabad dituaran, geus tangtu caina bakal orot, malah nepi ka
saatna pisan gé teu mustahil.
Sigana, urang nu hirup di
alam kiwari kudu ngimpleng mikiran deui papagon-papagon kolot baheula nu geus
puguh benerna jeung puguh hadéna, lebah miara jeung ngalestarikeun alam mah.
Ulah aya basa katinggaleun jaman, atawa dianggap kuno. Sapanjang aya mangpaatna
jeung gedé gunana keur kahirupan, naon salahna mun éta papagon-papagon kolot
baheula téh ditulad. Paling copelna, dipaké eunteung pikeun mangsa
pikaharéupeun, supaya anak incu generasi sapandeurieun urang salamet.
Mangga nyanggakeun…! Wallahu ‘alam bishawab… Cag!
MIKAWANOH FOLKLOR
Istilah folklor digelarkeun ku William John Thoms, hiji ahli
kabudayaan klasik ti Inggris. Sacara étimologi,
Folk hartina koléktif atawa sakumna,
sedengkeun Lore hartina Tradisi. Harti folklor sagemblengna numutkeun Dananjaya
(1997:2) nya éta hiji kabudayaan koléktif, nu sumebar jeung diwariskeun
turun-tumurun boh dina wangun lisan, atawa nu diwujudkeun kana wangun gerak
atawa isyarat jeung alat bantu.
Sedeng numutkeun Iskar dina koran Pikiran Rakyat (22
Januari 1996), folklor téh mangrupa
kajian kabudayaan rakyat nu ditalungtik unsur matéri jeung unsur non-matérina,
nu di jerona ngawengku perkara kapercayaan
rakyat, adat kabiasaan, pangaweruh tradisional, basa rakyat, ungkara tradisional, patalekan
tradisional, kasastraan rakyat, kawih-lagu-tetembangan
rakyat, musik rakyat, tarian jeung drama rakyat, kasenian rakyat,
jeung sakumna seni karakyatan.
Aya sawatara Fungsi
Folklor. Di antarana nya éta:
1. Salaku Sistem Proyéksi, nya éta salaku
gambaran hiji masarakat nu tangtu
2. Salaku Sistem Pranata Kabudayaan, nya
éta ciri ayana hiji kabudayaan
3. Salaku Sistem Atikan, nya éta alat
pangajaran masarakat
4. Salaku Sistem Kadali Masarakat, nya éta
ajén-ajén norma nu kudu dilaksanakeun ku anggota koléktifna
Papasingan Folklore
Folklor dina masarakat Sunda sarua jeung
folklor-folklor di daérah séjén, kabagi kana tilu wangun nya éta Folklor Lisan (Verbal Folklore), Folklor
Satengah Lisan (Partly Folklore),
jeung Folklor Non Lisan (Nonverbal Folklore)
1.
Folklor Lisan
Nu kaasup kana folklor lisan di
antarana: Carita Prosa Rakyat (Dongéng), Puisi Rakyat (Mantra, Carita
Pantun, Wawacan, jsb), Basa Rakyat
(dialék atawa logat; Indramayu, Banten,
Cirebon, Kidul, jsb. Basa wewengkon;
Bogor, Banten, Kuningan, Cianjur,
jsb.), Ungkara Tradisional (babasan, paribasa, mamanis basa, jsb), Patalekan Tradisional (sisindiran jeung tatarucingan), Lalaguan
Rakyat (kawih jeung tembang, kawih barudak, lalaguan gondang,
lalaguan calung, kawih sawér, jsb)
2.
Folklor Satengah Lisan
Nu kaasup kana folklor satengah lisan di
antarana: Sistem Kapercayaan Rakyat,
Kaulinan jeung Hiburan Rakyat, Pagelaran Rakyat (Gending Karésmén, Wayang Golék, Sandiwara, Réog, Calung, Longsér,
jsb), Tari-tarian Rakyat (Tayub, Ronggéng, Topéng, jsb), Adat atawa Tradisi Rakyat (Tatanén,
Pepelakan, Panén, Moro, Ngariksa nu kakandungan, Nyunatan, Kawinan, Ruwatan,
jsb), Pésta atawa Hajat Rakyat (Hajat Buka jeung Sérén Taun, Hajat Laut, Hajat Bumi, Mubur Sura,
jsb)
3.
Folklor Non Lisan
Folklor Non Lisan dipasingkeun kana dua
wangun, nya éta:
a.
Folklor Matéril
Nu kaasup kana Folklor Matéril di
antarana nya éta: Arsitéktur Rakyat,
Seni Kerajinan (anyaman, patung,
cocooan, jsb), Pakaya jeung
Rarangkén/Perhiasan (kabaya, kamprét,
totopong, kandéron, giwang, kongkorong, totopong, kelom geulis, jsb), Ubar-Ubar Tradisional, Dahareun
jeung Inumeun Tradisional (opak, raginang, ulén, awug, dodongkal, wajit,
surabi, ali agrem, lahang, goyobod, bajigur, bandrék, jsb), Alat-Alat Musik (kacapi, suling, angklung, calung, dogdog, celempung, terebang,
jsb), Pakakas jeung Pakarang (Rumah Tangga: nyiru, dingkul,
ayakan, sirib, dulang, jsb. Alat
Tatanén: pacul, parang, wuluku, garu,
koréd, bedog, jsb. Pakarang: tumbak, paser, katepél, sumpit, badi, kujang,
jsb), Kaulinan Rakyat (ucing sumput, éngklé-éngkléan, sondah,
sapintrong, congklak, panggal, galasin, jsb)
b.
Folklor Non Matéril
Nu kaasup kana Folklor Non Matéril di
antarana nya éta: Basa Isyarat (ngahéot, ngacungkeun indung leungeun atawa peureup, gideug, jsb), jeung Laras Musik (saléndro, pélog, dedegungan, madenda, jsb)
Sistem Kapercayaan Rakyat
(SKR)
Alan
Dundes, salasahiji ahli folklor dunya méré wangenan yén Sistem Kapercayaan Rakyat (SKR) téh nya éta: “hiji ungkara tradisional tina hiji atawa leuwih SARAT, jeung hiji atawa leuwih AKIBAT;
sawatara tina sarat-saratna misipat TANDA,
sedeng nu séjénna deui mangrupa SABAB”
(Dundes, 1961: 25-26).
Fungsi SKR
Fungsi nu paling utama tina sistem
kapercayaan rakyat, nya éta pikeun mekarkeun émosi jeung ngaronjatkeun ajén
kaagamaan atawa kapercayaan, pangraksa adat-talari paranti karuhun, alat
pangajaran masarakat, tatakrama alam, jeung pikeun alat kadali masarakat.
Papasingan SKR
Wayland
D. Hand dina bukuna The Frank C. Brown Collection of North
Carolina Folklore mapasingkeun SKR kana opat golongan:
1. SKR di sabudeureun lingkungan hirup
manusa.
2. SKR ngeunaan hal gaib.
3. SKR ngeunaan alam.
4. SKR séjénna di luar nu tilu.
Papasingan jeung Wengkuan SKR
1.
SKR di sabudeureun lingkungan hirup
Manusa
Di antarana ngawengku
kana: kakandungan, babaran, adat ngurus
nu maot, awak manusa, kalakuan kurang hadé, kadaharan, inuman,
cinta-bobogohan-kawin, Indit-inditan, jsb.
2.
SKR ngeunaan hal Gaib
Di antarana ngawengku kana: kasaktian, élmu-élmu gaib, jurig, ririwa,
siluman, lelembut, karuhun, alam gaib, alam bunian, nu ‘ngageugeuh’, jsb.
3.
SKR ngeunaan Alam
Di antarana ngawengku kana: sato, cuaca, tutuwuhan, tatangkalan, jsb
4.
SKR séjénna di luar nu tilu
Di antarana ngawengku kana: ngimpi atawa impian, ilapat, pirasat, kila-kila, jsb
Sawatara Conto SKR
Di luhur geus ditétélakeun yén wengkuan
SKR téh kacida lobana. Di handap ieu dicutat sawatara conto tina SKR, nu
patalina jeung awak manusa, kalakuan kurang hade, jeung sato.
1.
SKR nu patali jeung
Awak Manusa:
-
Lamun
kekerenyedan halis kénca, cenah bakal
papanggih jeung dulur atawa sobat
-
Lamun
kekerenyedan biwir kénca, cenah bakal
aya pipaséaeun atawa bakal paraséa
-
Kekerenyedan
mata kénca, cenah bakal ceurik
-
Kekerenyedan
mata katuhu, cenah bakal papanggih
jeung nu dipiasih
-
Kekerenyedan
leungeun katuhu, cenah bakal meunang
milik (rejeki/duit)
-
Lamun
ceuli kénca ngahiung, cenah tandana
aya nu ngomongkeun kagoréngan
-
Lamun
bersin atawa ragrag halis, cenah
tanda aya nu inget ka urang
-
jsb
2.
SKR nu patali jeung
Kalakuan Kurang Hadé, di antarana:
-
Awéwé
teu meunang ngadahar tungir hayam, cenah
bisi diwayuh
-
Awéwé
teu meunang ngadahar sambel dina coét, cenah
bisi laki-rabi ka aki-aki
-
Lalaki
teu meunang meuleum/ngaduruk cau, cenah
bisi impotén
-
Teu
meunang kiih dina durukan, cenah bisi
jeungjeuriheun
-
Teu
meunang lalangiran, cenah bisi maot
indung
-
Teu
meunang diuk dina bantal, cenah bisi
bisul
3.
SKR nu patali jeung Sato/Sasatoan, di antarana:
-
Lamun
manuk koréak/suit uncuing disada, cenah
tanda bakal aya nu maot
-
Lamun
ngedéngé sora bancét di deukeut lawang panto, cenah tanda bakal aya maling
-
Lamun
tokék disada gasal, cenah tanda aya
jurig di deukeut imah
-
Lamun
tokék disada jangkep, cenah tanda
urang bakal meunang milik
-
Lamun
anjing babaung ti peuting, cenah
hartina éta anjing ningali jurig
-
Jsb
MATERI 3 : RESENSI
Fakta:
Di handap ieu
conto téks résénsi film. Pék baca sing gamet!
FILM SOEKARNO
Tarékah Numuwuhkeun Sikep Nasionalismeu Kaom Rumaja
Judul : SOEKARNO
Génré : Drama History
Sutradara : Hanung Bramantyo
Produser : Raam Punjabi
Studio : Dapur Film
Distributor : MVP Picture,
Mahaka Picture, jeung Dapur Film
Durasi : 137 menit
Rilis : 11 Désémber
2013
Basa : Indonésia
Aktor/Aktris : Ario Bayu (salaku Soekarno); Lukman Sardi (salaku Hatta), Tanta
Ginting (salaku Sjahrir); Tika Bravani (salaku Fatmawati); Maudy Koesnaédi
(salaku Inggit Garnasih)
RINGKESAN (Sinopsis)
Mun lalajona di bioskop, méméh der pilem diputer, nu lalajo diajak
nyanyikeun lagu kabangsaan “Indonésia Raya” bari ngadeg. Sanggeus nu lalajo
dariuk deui dina korsina séwang-séwangan, karék pilem diputer.
Dumasar kana sinopsis dina website resmi
pilem Soekarno, dina lalakon [ilem “Soekarno: Indonésia Merdéka!”, dicaritakeun
yén saméméhna mah ngaran Soekarno téh Kusno. Awakna begang jeung ririwit. Ku
bapana, ngaran Kusno téh diganti jadi Soekarno. Dina umur 24 taun, Soekarno
bisa ngageunjleungkeun podium ku ngagorowok: Kita Harus Merdeka Sekarang! Akibatna, Soekarno dibérok, kalayan
tuduhan ngahasut jeung ngabaruntak siga komunis. Tapi, kawani Soekarno henteu
pareum, kalah leuwih ngebébéla. Soekarno wani ngagugat. Plédoina anu kakoncara
nyaéta: Indonesia Menggugat ku ayana
peristiwa “Indonésia Menggugat”, Soekarno diasingkeun ka Éndé, sarta satuluyna
dipindahkeun ka Bengkulu.
Di Bengkulu, Soekarno reureuh saheulaanan tina pulitik. Dina mangsa
harita, Soekarno kagémbang ku wanoja ngora nu ngaranna Fatmawati (18 taun).
Padahal harita Soekarno statusna masih kénéh salaki Inggit Garnasih; wanoja anu
umurna leuwih kolot ti Soekarno, nu salawasna sok ngabéla tur satia ngarojong
kana perjoangan Soekarno. Antukna, Inggit kudu iklas nangénan salakina
kagémbang deui ku wanoja séjén.
Di satengahing konflik rumah tanggana, Jepang datang ngamimitian
peperangan Asia Timur Raya. Belanda taluk ku Jepang. Belanda anu saméméhna
dianggap ngawasa, antukna bobor karahayuan ku Jepang. Orokaya, ari Hatta jeung
Sjahrir, lawan pulitik Soekarno, ngingetan ka Soekarno yén Jepang téh euweuh
bédana jeung Belanda. Sarua rék meres jeung ngajajah.
Tapi, Soekarno mibanda cara nyawang nu béda. “Lamun urang calakan, urang bisa ngamangpaatkeun Jepang pikeun
narékahan kamerdékaan Indonésia.” Kitu ceuk Soekarno. Harita Hatta
kapangaruhan, tapi Sjahrir mah henteu. Sabab, nurutkeun Sjahrir, lamun daék
ngayakeun rukun gawé jeung Jepang, hartina mosisikeun Indonésia jadi bagian
tina fasisme, balukarna baris
dimusuhan ku Amérika-Inggris-Australia. Soekarno noyod, da ngarasa yakin
Indonésia bisa merdéka ku cara rukun gawé jeung Jepang.
Soekarno babarengan jeung Hatta, narékahan cita-cita jeung perjoangan
sangkan Indonésia merdéka. Réa barudak ngora anu sapuk ka Sjahrir, nyebutkeun
yén Soekarno-Hatta minangka kolaborator, ngajual bangsa sorangan ka leungeun
fasis. Tapi sakalo deui, Soekarno mibanda sawangan anu béda. Antukna, najan dina
kaayaan konflik kitu, ku lantaran ku perjoangan saréréa, antukna Soekarno-Hatta
meroklamirkeun kamerdékaan Indonésia dina tanggal 17 Agustus 1945. Monéntum ieu
pisan nu dianggap hasil tna perjoangan Soekarno jeung sobat-sobatna.
KAPUNJULAN JEUNG KAHÉNGKÉRAN
Di antara pilem-pilem Indonésia anu dirilis dina taun 2013, pilem Soekarno
téh kaasup genre pilem drama-history. Ieu téh kaitung genre anu nenggang di antara pilem-pilem
di Indonésia. Apan geus pada maphum, pilem-pilem di Indonésia karéréanana
nyaritakeun perkara jurig. Hartina,
pilem Soekarno saeutik lobana geus hasil ngasongkeun perkara anyar dina
kamekaran pilem Indonésia. Geura wé, latar carita diwewegan ku properti anu
nyurup kana kasang tukang taun 40-an, kayaning mobil antik, motor antik, wangunan
imah, tug nepi ka dangdanan tokoh-tokohna. Kitu deui najan basa nu dipaké ku
tokoh-tokohna dina basa Indonésia, tapi katitén aya usaha anu daria pikeun
ngasupkeun kosa kecap anu dipaké dina taun 40-an. Malah dina sawatara adegan
direumbeuy ku basa Jawa, Walanda, jeung Jepang. Teu wudu bisa ngawewegan kana
karakter tokoh-tokohna.
Tapi najan kitu, sakumaha pilem-pilem Indonésia séjénna, pilem Soekarno
masih ngasongkeun galur carita anu gampang diteguh atawa babari kabadé ku nu
lalajo. Asa jauh kénéh jeung galur anu meulit tur ngarancabang kawas dina
pilem-pilem Hollywood. Kitu deui tokoh Soekarno, loba digambarkeun ngemu
kabingung (gloomy). Katurug-turug
éfék cahaya pilem anu kalolobana poék lantaran ngaluyukeun kana llatar 40-an,
kesan Soekarno ngemu kabingung leuwih katara. Padahal harepan mah, ieu pilem
téh bisa ngagambarkeun karakter anu kuat, tapi aya sawatara adegan anu kurang
keuna. Upamana adegan ayana konflik rumah tangga antara Soekarno-Inggir
Garnasih-Fatmawati, teu kudu diékspos kaleuleuwihi. Atuh hubungan Soekarno
jeung wanoja Walanda, ieu gé teu kudu diékspos. Ceuk pangrasa, tokoh Soekarno
kuduna digambarkeun minangka pamingpin anu mibanda pamor jeung komara anu
kungsi diajénan ku masarakat dunya. Cindekna, garapan pilem Soekarno masih
kénéh muad kana konvénsi pilem-pilem Indonésia nu geus aya, jauh kénéh kana
garapan apik kawas pilem-pilem Hollywood.
Luyu jeung genre drama-history,
pilem Soekarno geus hasil némbongkeun fakta-fakta sajarah anu salila ieu can
pati kauger, upamana dina pilem dicaritakeun tokoh Riwu, anak kukut Soekarno
jeung Inggri Garnasih. Sacara umum, pilem Soekarno katitén digarap kalayan
daria. Lian ti geus némbongkeun katapis sutradara Hanung Bramantyo, ogé sacara
teu langsung geus hasil nepikeun ajén-inajén kasajarahan bangsa Indonésia ka
barudak rumaja ngaliwatan média pilem. Di sagédéngeun kitu, bawirasa népakeun
sikep nasionalisme ka barudak rumaja
di jaman kiwari, leuwih keuna maké média pilem tinimang ngajejelan buku-buku
sajarah anu kandelna kabina-bina.
Medar Perkara Résénsi
Résénsi téh nya éta salasahiji wangun karangan nu gunana
kanggo ngémbarkeun karya nu anyar medal, boh buku boh film. Tangtos kangaranan
ngémbarkeun, kedah maparin warta atanapi informasi anu leres tur jembar patali
sareng eusi buku atanapi film anu dirésénsi téa. Ku kituna, eusi résénsi téh
kedah ngawengku sagemblengna eusi buku atanapi film téa. Sanaos résénsina
pondok margi kawatesanan ku rohangan rubrik dina hiji kalawarta (pami dimuat
dina kalawarta), tapi eusina mah kedah tetep mundel tur ngawengku sadaya
pedaran dina buku atanapi film téa.
Sajabi ti ngémbarkeun sadaya pedaran buku atanapi film,
résénsi ogé kedah ngawartakeun perkawis kapunjulan sareng kahéngkéran buku
atanapi film téa. Ku cara kitu, balaréa janten uninga, copélna gurat badagna kapunjulan
sareng kahéngkéranana téa. Sabada uninga, balaréa janten nimbang-nimbang sareng
ngajén, nu antukna tiasa mutuskeun, naha peryogi atanapi henteu, mibanda ogé
maos atanapi nongton buku atanapi film nu anyar téa.
Sajabi ti buku sareng film, karya sanésna anu tiasa
dirésénsi di antawisna album lagu atanapi kasét. Kantenan kasét mah murudul
pisan medalna téh, méh saban minggu dina saban wanda teu weléh aya, boh
lagu-lagu Barat, Indonésia, boh lagu Sunda. Tangtos éta ogé minangka lahan anu
lega kanggo para panulis enggoning ngagelarkeun karya résénsina.
Aya sawatara hal anu peryogi di perhatoskeun dina
ngarésénsi, sajabi ti kedah ngawartakeun sadaya eusi, ngungkab kapunjulan
sareng kahéngkéran (sanaos sakolébatan, margi ari pedaran kapunjulan sareng
kahéngkéran anu langkung teleb mah aya dina pedaran kritik, boh kritik sastra
boh kritik film), ogé yén buku, film atanapi kasét anu dirésénsi téh kedah anu
panganyarna, malih langkung saé nu teu acan dirésénsi ku nu sanés.
Tangtos waé pasaratan utamina mah, yén sateuacan
ngarésénsi téh kedah maos, nongton atanapi ngadangukeun heula karya anu badé
dirésénsi, malih kedah langkung ti sawangsulan, supados langkung paham sareng
tenget kana eusi karya anu baris dirésénsi téa.
Anapon raraga atanapi rangkay karangan wangun résénsi,
tiasa dibasajan sapertos ieu di handap:
1.
Nataan idéntitas karya nu dirésénsi, kayaning judul,
pangarang/artis/sutradara, pamedal, jumlah kaca/jumlah lagu/durasi, taun medal,
sareng pangaos.
2.
Bubuka, tiasa
ngawahan tina pangaweruh nu sipatna umum, tapi kedah nyambung sareng eusi karya
nu dirésénsi .
3.
Eusi, nyaéta nataan tur medar bab demi bab, judul demi
judul, lagu demi lagu, épisodeu demi épisodeu, karya nu dirésénsi.
Panutup, nyaéta
kacindekan tina karya nu dirésénsi. Éusina kedah nuduhkeun kapunjulan sareng
kahéngkéran éta karya (sajorélatan), sareng kedah ngagambarkeun naon untungna
upami ngaprésiasi, ngagaduhan, atanapi mésér éta karya. Resensi téh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual
(nonfi ksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu,
pikeun dimuat di media massa. Resensi kaasup kategori tulisan views (sawangan,
nyaéta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajén kana
hiji masalah atawa kajadian.
Struktur Résénsi
Nilik akan wangunna, biasana résénsi téh miboga opat
struktur. Sangkan leuwih tétéla baca pedaranana ieu di handap:
1.
Idéntitas Karya
Idéntitas
karya biasana nataan idéntitas utama hiji karya. Dina résénsi pilem, ditataan
judul pilem, sutradara, produser, taun rilis, aktor/aktris, jsté. Anapon dina
résénsi buku, ditataan judul buku, pangarang, pamedal (penerbit), taun medal,
jumlah kaca, jsté. Bagian ieu penting kacida, lantaran eusina formatif pisan
keur nu maca atawa nu lalajo.
2.
Ringkesan Carita (Sinopsis)
Dina
résénsi buku, ieu bagian eusina ngaguar ringkesan eusi buku. Biasana ditataan
unggal bab. Mun nu dirésénsina buku novél, biasana diringkes eusi caritana.
Kitu deui dina résénsi pilem, diguar kumaha ringkesan caritana. Cindekna,
bagian ieu téh nembrakeun eusi hiji karya.
3.
Tilikan Eusi
Eusina téh
tilikan atawa sawangan kana eusi karya. Nu nulis résénsi kudu ngagambarkeun
kapunjulan atawa kaonjoyan tina eusi karya anu dirésénsina. Tapi najan sakumaha
alusna hiji karya (buku atawa pilem), tetep wé baris nyangkaruk kahéngkéranana.
Ku kituna, dina bagian ieu gé kudu dipedar ngeunaan kahéngkéran nu nyampak dina
karya anu dirésénsi.
4.
Panutup
Bagian ieu
mah eusina téh kacindekan tina eusi résénsi. Biasana mah ditepikeun ogé
harepan-harepan nu nulis résénsi kana karya anu dirésénsina, upamana ngajak ka
masarakat sangkan maca atawa lalajo pilem anu dirésénsina.
Padika Nulis Résénsi
Résénsi buku, pilem, pagelaran seni, atawa konsér musik
téh biasana sok dimuat dina kalawarta (koran atawa majalah). Komo ku ayana
kamekaran téknologi internét, tulisan résénsi téh bisa dimuat sacara onlén dina
website, blog, atawa média sosial
kayaning facebook jeung édmodo.
Aya sawatara léngkah anu kudu ditedunan nalika nulis
résénsi buku, di antarana:
1. Milih buku nu rék dirésénsi, alusna mah buku nu
loba dibaca (best seller).
2. Maca kalayan gamet tur imeut, buku nu rék
diresénsi. Carana bisa ku cara maca sababaraha balikan.
3. Nyatetkeun hal-hal anu pikatajieun jeung anu
kurang pikatajieun tina eusi buku.
4. Nyatetkeun pamanggih atawa sawangan hidep, naha
éta buku téh payus tur gedé mangpaatna atawa henteu keur bacaeun balaréa.
5. Tuliskeun judul résénsi hidep ku cara nuliskeun
idéntitas buku (judul, pangarang, pamedal (penerbit), taun medal, kandel buku,
warna jilid buku, jeung jenis keretas).
6. Susun raraga resénsi anu rék ditulis, upamana
kieu:
a. Jenis buku anu diresénsi, naha fiksi atawa
non-fiksi.
b. Nuliskeun idéntitas buku.
c. Medar ngeunaan eusi buku.
d. Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran eusi
buku.
e. Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun
balaréa.
f. Ngajudulan resénsi.
Méh sarua jeung ngaresénsi buku, léngkah-léngkah
ngaresénsi pilem ogé teu béda ti kitu. Geura ieu ditataan sawatara léngkah mun
rék ngaresénsi pilem, di antarana:
1. Lalajo pilem anu rék diresénsi sing daria. Alusna
mah pilem anyar anu dilalakoanan ku hidep téh. Leuwih hadé lalajona gé kudu di
bioskop.
2. Nyatetkeun guluyuran carita (alur) atawa
adegan-adegan penting anu pikatajieun tina éta pilem. Kitu deui catetkeun
hal-hal anu kurang pikeresepeunana.
3. Nyatetkeun pamanggih atawa sawangan hidep, naha
éta pilem téh payus atawa gedé mangpaatna pikeun dilalajoanan ku balaréa atawa
henteu.
4. Tulis judul resénsi ku cara nuliskeun idéntitas
pilem nu diresénsi (judul, palaku utama, sutradara, produser, rumah produksi nu
ngaluarkeun éta pilem, nu nulis naskah, lilana (durasi), jeung jenis pilemna
naha kaasup horor, drama, action, jsté).
5. Susun rangkay résénsi anu rék ditulis. Bisa
saperti keiu:
a. Jenis pilem anu diresénsi.
b. Nuliskeun idéntitas pilem.
c. Medar ngeunaan carita dina pilem, ti mimiti
galurna jeung tokoh-tokohna.
d. Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran
pilem.
e. Medar ngeunaan mangpaat pilem keur lalajoaneun
balaréa.
f. Ngajudulan resénsi.