MATERI 1 : BIANTARA
- Biantara Kahiji:
Bismilahirohmanirohim
Assalamualaikum
wr.wb
Bapa miwah ibu girang pangajén anu ku simkuring dipihormat, ogé hadirin
sadaya anu sami hadir anu ku sim kuring dipihormat.
Alhamdulillah wa syukrulillah, dina danget ieu sim kuring baris
ngadungikeun biantara anu jejerna “Ngamumulé Basa Sunda di Lingkungan Sakola”.
Naon margina? Kumargi, basa Sunda téh basa daérah anu kaasup kana kabudayaan
daérah. Basa Sunda téh basa anu diagungkeun ku urang Sunda. Jalaran urang
sadaya putra daérah seuweu-siwi Pasundan, nu matak wajib ngamumulé basa Sunda
dina kahirupan sapopoé. Namung, hanjakalna dina mangsa kiwari basa Sunda anu
kasohor lemesna téh tos méh-méhan teu diadaban ku para nonoman. Tah, nilik
kaayaan kitu, urang salaku bibit-buit Ki Sunda kedah kumaha atuh? Dina perkara
ieu pisan, sim kuring baris babalagonjangan ngadugikeun pamadegan sim kuring.
Urang salaku seuweu-siwi Siliwangi kedah ngagunakeun basa Sunda dina
kahirupan sapopoé. Numatak ayeuna mah Kabupatén Cianjur tos ngarintis sadaya lembaga kaasup sakola, yén dina
saminggu téh aya poé basa Sunda.
Dina lebah dieu pisan sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang rojong ieu
program téh, urang biasakeun nyarita ku basa Sunda. Da kapan, geuning tacan sakum
sakola di Cianjur ngarojong kana ieu program, malihan, aya sakola teu teu
apal-apal acan kana éta program téh.
Saupama sakumna sakola ngarojong tur ngalaksanakeun ieu program, tangtos
baé tarékah miara jeung ngamumulé basa Sunda téh langkung ronjat.
Prak! Urang rampak gawé babarengan ngahudagkeun deui komara basa Sunda
wewengkon Cianjur nu kasohor lemes basa lemes budi.
Saupama lain ku
urang dipiara dimumulé, badé ku saha deui basa Sunda dijaga-diraksa? Naha urang
téga jolédar ka basa indung urang sorangan? Saupama leungit basa Sunda, tangtu
leungit ogé budaya jeung jati diri urang Sunda.
Ampun paralun teu pisan-pisan seja mapatahan ngojay ka meri, utamina ka
para budayawan katut inohong basa Sunda, ieu mah pilakadar tawis asih ti
nonoman nu buta tulang buta daging, nu ngaraos cinta tur reueus ka basa jeung
lemah caina. Cag.
Wabillahi taufik
wal hidayah, wassalamu’alaikum Wr. Wb.
- Biantara Kadua:
Assalamualaikum Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim. Bismilah
hirohman nirohim. Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh.
Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala
alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.
Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha
suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata
Ala. Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge
nikmat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna. Solawat
sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad
Selewlohiu Alaihi Wasallam. Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos
nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup
umatna amin yarobal alamin.
Teu hilap nu di pikahormat bapa…………….,
Nu di pikahormat bapa………………,
Nu di pikahormat bapa……………..
Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade
ngababarkeun yen naon-naon wae anu bakal ku urang di bawa maot, naon wae anu
bakal nulungan urang eungke di jero kubur. Anu bakal nulungan urang ke di jero
kubur teh cak hadis rosul aya tilu, hiji elmu nu manpaat, nyaeta elmu anu ku
urang diamal keun diwaktu hirup mamagahan batur, mamagahan barudak, jeung
sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana.
Nu kadua nyaeta amal sodakoh atawa jariah anu
suci tur iklas, dimana utang sawaktu hirup sok barang bere kanu butuh, mere
dahar kanu kalaparan mere ka nu pakir, nu miskin jeng mere sumbangan keur
pembangunan masjid jeung sajabana amal-amal anu soleh bari jeung rido iklas sodakoh
karma Allah Subhanahu Wata Ala. Nu terakhir nyaeta nu katilu amal nubakal
nulungan urang teh nyaeta anak anu soleh, nyaeta budak anu ngadoakeun indung
bapana, sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola, ngala elmu jeung
sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngadoakeun kakolotna.
Mudah-mudahan urang sadayana tos siap, tos
manteng, tos amal sodakoh, tos ngadidik barudak, tos ngamalkeun elmu jeung
sajabana. Lamu anu euncan hayu urang mimitian ti ayeuna ti detik ieu ti poe
ieu, sakumaha amal-amal anu dipikarido ku gusti Allah Subhanahu Wata Ala.
Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih
aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah,
neda dihapunteun. Da sadaya kasaéan eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan
eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.
Bilahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.
- Biantara katilu:
Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana
tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh
lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun
parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung
tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede
pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem
paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa
bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku
pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina
“Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha
sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman
atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah
mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti –
mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul
dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang
nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana
budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun
teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa
sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa
teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal
disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu
keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawab teh “ti
Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh
nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? …
Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur
pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes
kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami
di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih
nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.
Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna
urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD ‘45, utamana
pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa
daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu
mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna,
ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga nagara anu hade.
Hadirin, salajengna, generasi muda anu
mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi
kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna jalma anu aya di
satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa,
nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat
22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa nyaeta
nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna
tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu
mikanyaho.
Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge
kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge
tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana aruningaeun alias
marikanhyaho tea.
Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema
biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda mikacinta kana basa Sunda.
Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama mah
generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun basa Sunda.
Cindekna, konci utama para nonoman/generasi
muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun
basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di lingkungan kulawarga
boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada ngarti kana basa
sunda.
Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau
lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa
reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek
nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos,
jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina ku tarekah Bapa Adang S, anu
mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet kana tarekah
ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.
Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka
Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios
tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi anu namina mojang jeung jajaka
Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.
Terekah sanesna, di antawisna urang kedah
ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman
kana basa katut budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara sareng debat anu
nuju lumangsung ieu.
Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon,
maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku hancengan nonoman nu make basa
panganteur basa Sunda.
Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda,
ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara siaran anu ngagunakeun basa
Sunda salaku basa panganteurna.
Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar
cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk
leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade
ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing
kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun
bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade
ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing
kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun
bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya
basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati.
Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum
wr.wb.
- Maham Kecap
kersaning = karena urang
= aku sadayana
= semuanya
tiasa = bisa patepung
= bertemu paamprok
= bertemu
mugia = semoga lungsur-langsar
= lancar kalayan =
dan
kahontal = tercapai sagala
= segala anu
= yang
dipimaksad = dimaksud ngadegna
= berdirinya kuring
= aku, saya
dina = pada danget
= waktu ieu
= ini
payuneun = di depan para
sepuh = para orang tua miwah
= dan
rawuh = datang taya
sanes = bukan lain seja
= akan
kitu oge = itu juga jeung
= dan rumasa
= merasa
kabisa = kemampuan sanggem
= bersedia paripaos
= peribahasa
boa = mungkin catur
= omongan ngalantur
= melantur
teu puguh = tidak jelas alang
ujur = arah taya
= tidak ada
nanging = namun sanaos
= walapun baris
= akan
nyobi = mencoba ngaguar
= membahas biantara
= pidato
kareueus = kebanggaan nonoman
= anak muda kana =
terhadap
saparantos = setelah maluruh
= mencari sababara
= beberapa
sihoreng = ternyata pikeun
= untuk kedah
= harus
mibanda = mempunyai katineung
= ingatan nepikeun = sampai
mupusti = memuja malire
= memperhatikan antukna
= akhirnya
banda = harta nginjeum
= meminjam sanes = bukan
hartosna = artinya deungeun
= asing nanging
= namun
langkung = lebih payus
= bagus saupami
= seumpama
weruh = nyaho disarengan
= dibarengi ciciren
= ciri
rupina = ternyata nuduhkeun
= menunjukan dipibanda =
dipunyai
salah sahiji = salah satu bakal
= akan sekeseler
= turunan
disarengan = dibarengi palangsiang
= mengkhawatirkan saumpama =
seumpama
heug = ternyata naros
= bertanya kawit
= asal
erana = malunya diperedih
= diminta mikacinta
= mencintai
parantos = telah kalebet
= termasuk hade
= bagus
salajengna = selanjutnya peryogi
= perlu kauninga
= diketahui
diparake = dipakai dadamelan
= ciptaan mikanyaho
= mengetahui
pasualan = persoalan kedah
= harus kawaler
= terjawab
kumaha = bagaimana sangkan
= agar waleranna
= jawabannya
sajabi = disamping ngaraos
= merasa isin
= malu
cindekna = kesimpulannya erraan
= malu reueus
= bangga
ngamumule = melestarikan karuhun
= nenek moyang embung =
tidak mau
nanging = namun aub
= ikut mamaos
= menyanyi
tarekah = usaha ngirut
= menarik hati karep=
keinginan
mangrupi = merupakan ngaronjatkeun
= meningkatkan pasanggiri =
lomba
lumangasung = berlangsung hancengan
= yang disediakan linggih = hadir/tinggal
manawi = kiranya mamatahan
= mengajarkan hapunten =
maaf
ngojay = berenang mungguhing
= benar-benar kajurung =
terdorong
BIANTARA
a.
Wangenan:
Biantara nya éta hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun
sawangan atawa kamandang ngeunaan hiji perkara atawa hal. Hiji jalma nu boga
kaparigelan ngabiantara (berpidato)
nu hadé bisa ngalantarankeun éta jalma
téh leuwih ngaronjat dina naratas karirna, atawa sakurang-kurangna bakal
meunang pangajén ti masarakat nu ngadanguna. Conto-conto ngabiantara di
antarana waé biantara kanagaraan, biantara kaagamaan, biantara mapag atawa
pangéling-ngéling poé istiméwa, biantara panghudang sumanget, biantara pamapag
acara, jeung sajabana.
Dina ngabiantara, sawatara hal nu
kaasup faktor intérn kayaning tagog
diri, gaya jeung panampilan (style and
performance), pasemon jeung kapercayaan diri, ogé faktor-faktor ékstérn saperti situasi jeung kondisi,
umur jeung kaayaan sosial nu ngadangu, tempat jeung waktu, kacida perlu
diperhatikeunana sangkan nu ngadangu kataji ati tur puseur paniténna sarta
kapangaruh ku biantara nu dipidangkeun, nu antukna jadi ukuran hasil atawa
nyugemakeun-henteu hiji proses
ngabiantara
- Tujuan Biantara
Biantara mibanda sawatara tujuan-tujuan nu bisa dihontal. Di antarana:
1. Tujuan Instruktif : pikeun maréntah
atawa méré instruksi
2. Tujuan Informatif : pikeun méré
informasi atawa pangaweruh
3. Tujuan Persuatif : pikeun
mangaruhan nu ngadangu
4. Tujuan Rékréatif : pikeun ngahibur
atawa ngabungahkeun nu ngadangu
5. Tujuan Simpatif : pikeun meunangkeun
pangwelas atawa pangarunya
- Ciri-ciri Biantara nu Merenah:
Sawatara ciri-ciri biantara nu merenah atawa hadé, di antarana:
1. Tujuanana jelas
2. Eusina mibanda ajén bebeneran
3. Paséhat ucap (artikulasi) nu
jéntré, bari dibarung ku pasemon nu merenah/luyu
4. Midangkeunana luyu jeung kondisi nu ngadangu
5. Midangkeunana ngawasa puseur panitén nu ngadangu
6. Midangkeunana matak narik ati
- Struktur Biantara:
Struktur biantara ilaharna diwincik jadi sawatara bagian, nya éta:
1. Salam jeung ucap sukur
2. Salam hurmat atawa salam pangajén
3. Bubuka
4. Eusi
5. Kacindekan (kesimpulan)
6. Panutup + Salam
- Nyusun Rangkay Biantara
Léngkah-léngkah nu kudu disiapkeun pikeun panyusunan naskah biantara, di
antarana nya éta:
1. Milih atawa nangtukeun jejer biantara
2. Ngumpulkeun bahan biantara
3. Nyieun rangkay atawa struktur biantara
4. Medar atawa ngembangkeun rangkay biantara
5. Nyunting atawa ngaédit naskah
6. Ngalatih atawa nataharkeun/nyiapkeun diri pikeun ngabiantara
- Métode Biantara
1. Manuskrip/Naskah : nya éta
métode ngabiantara kalawan maca naskah
atawa téks biantara
2. Ékstémporan : nya
éta métode ngabiantara kalawan nyiapkeun
gurat badag hungkul
ideu poko biantara
3. Impromtu :
nya éta métode ngabiantara nu spontan
atawa langsung
tanpa ayana naskah biantara
4. Talaran (hafalan) : nya éta métode ngabiantara ku
cara ngapalkeun naskah
biantara nu geus
disusun
- Nepikeun Biantara
Sangkan nepikeun biantara hadé jeung tartib, aya sawatara
hal anu kudu diperhatikeun, nyaéta:
1.
Sora, sangkan biantara kadéngé ku
balaréa, sora kudu bedas jeung tatag. Béntés ngalisankeun kekecapan jeung
henteu loba ngarandeg dina nyaritana.
2.
Lentong, lentong kudu nu merenah,
ulah nepikeun biantara basa Sunda ku lentong basa Indonésia.
3.
Wirahma, wirahma patali jeung
anca-gancangna atawa tarik halonna dina nyarita. Ulah rusuh teuing, ulah ngayayay
teuing. Kudu bisa ngatur, lebah mana kudu anca atawa gancang, lebah mana kudu
tarik atawa halon.
4.
Nada, nada patalina jeung rasa
eusi biantara. Upama pikabungaheun kudu dikedalkeun ku nada bungah, upama
pikaseudiheun ku nada sedih.
5.
Pasemon, pasemon atawa paroman
patalina jeung nada nu dikedalkeun, luyu jeung eusi biantara.
6.
Pasang peta, pasang peta atawa gestur patalina jeung gerak awak nu
épéktif teu kaleuleuwihi. Biasana pasang peta nuturkeun wirahma jeung nada
biantara.
MATERI 4 : CARITA PONDOK
“Uyut”
Karya Supriatna (Cupumanik nomer
32/2006)
Karuhun pangpuhuna nu kuring nyaho
dikieuna nya éta uyut, uyut istri ti pihak nini ti indung kuring. Ka uyut
pameget mah kuring teu nyaho, da pupusna gé tangéh saméméh kuring dijurukeun.
Angot ka bao mah, kuringna gé di mana kénéh mah!
Basa kuring mimiti inget, uyut téh
geus ropoh, geus tara barangdamel, geus tara angkat-angkatan, ukur kitu wé
ringkang-ringkang ka sumur, ka dapur, ka buruan. Paling jauhna kakarayap ka
pacilingan balong, kulonneun imah, alahdénéng ku tara beunang dipondah wé
meureun urusan nu kitu. Saleuwihna ti kitu mah ukur calik wé amayeu bari
ngabulaéh ngalemar, aya di tepas, aya di tengah imah.
Teuing taun sabaraha lahirna. Ngan
mun seug diitung tina yuswa putra-putrana, kana taun 1890-an taksiran. Jadi
harita, basa kuring mimiti inget téh, yuswana kurang leuwih 65 taun. Kaitung
panjang yuswa ukuran alam harita mah.
Putrana tilu, selang sekar: pameget,
istri, pameget. Nu istri nya éta nini kuring –indungna indung. Putra-putra nu
pamegetna mah ngarantunkeun ti payun alatan kasawat ampeg. Kuring gé teu kungsi
nyaho ka aki-aki ti gigir téh.
Boro-boro maca-nulis, sakola gé
henteu cenah uyut mah. Ngan cenah nuyut téh apal kana kasiat rupa-rupa
tutuwuhan. Pikeun ubar-ubaran, ubar kampung (ayeuna sotéh disebut ubar kampung,
baheula mah teusingna teuing). Henteu cenah ari kasebut sohor mah, tapi batur
salembur-salembur baé mah sok mindeng aya nu ngadon tatamba, pangpangna
natambakeun barudakna. Kitu gé kasakit nu énténg-énténg wé, kayaning galingging
panas-tiris, nyeri beuteung, seueul angen, jeung sajabana.
Nu kabandungan mah uyut téh jalmi
sabar pisan –kacaritakeun kolot sok belikan jeung gedé ambek téh, teu kasampak
di uyut mah. Tong maké bendu, tara kawénéhan kukulutus-kukulutus acan. Kuring
gé cacakan budak bangor réa carékkeun, teu ngalaman dicurak-carék, komo
dicarékan mah.
Ku sadérék-sadérékna nu harita
jaragjag kénéh –rakana hiji, istri, jeung raina hiji, pameget- diparikanyaah
pisan. Mindeng kpanggih dikirim tuangeun. Kalan-kalan ku raina sok dikeupeulan
artos, bisi aya kapalayna.
Keur anomna mah biasa cenah
dagdag-digdig usaha jeung ngurus ituh-inih
sailaharna jalma dina pakumbuhan. Usahana téh kulub jéngkol –ngolah jeung
ngadagangkeunana.
Mimiti si jéngkol téh dibebekan
sarta dipiceun kulumudna. Geus beresih tuluy diwadahan kana boboko gedé
parantina, tara diantep kawas pindang dina buleng, samerenahna ku manéh wé.
Nungtut ngeusikeun jéngkolna téh, diselang ku diawuran taneuh béar tur beresih
meunang ngadadak ngoréhan ti pipir, ngahaja si taneuh téh sina nyaresel kana
sela-sela jéngkolna. Geus limpud salapis, terus ditambruan deui jéngkol sarta
wur, wur deui ditaneuhan kawas tadi. Kitu jeung kitu wé manglapis-lapis.
Sanggeus taneuh lapis pangluhurna papak jeung wengko boboko, diingkeun wéh
sapeuting. ‘diruang’ pajarkeun téh.
Isukna rebun-rebun dikoréhan, terus
dikumbah beresih, diusapan sabébék-sabébék bari dikucur di pancuran. Terus
dituuskeun dina ayakan. Geus tuus, brus dikulub ku cai lebu, lebuna lebu hawu,
lemes meunang ngayak. Di hawu ngulubna gé, da harita mah can anjrah kompor.
Sabot ngadagoan asak, gusrek marud
kalapa. Terus parud kalapa téh digaloan uyah gandu meunang ngarieus sacukupna.
Terus neukteukan daun cau manggala jangeun bungkusna.
Sanggeus hipu, nyat dijait, terus
kulub jéngkol nu kuruyumut ku huut téh dikumbah ku cihaneut sangkan lebuna
tarurun. Geus lalimit terus ditiiskeun dina ayakan gedé. Sanggeus tuus jeung
tiis, terus dibungkusan sarta diawuran parud kalapa. Genep-genep atawa
tujuh-tujuh bébék sabungkusna.
Ngadagangkeunana dina nyiru,
disusuhun ngitung lembur. Tara ku nyalira ngiderkeunana mah, metakeun barudak
wé. Indung di antarana nu purah ngiderkeunana téh.
Teuing ku payu. Kuat ka rétop cenah
nu mareuili téh. Sok pada ngadaragoan. Malah réa nu mapag ka imah, alatan sieun
béakkeun. Atuh sering kajadian nu jung kaiderkeun mah kari saparo tina ‘hasil
produksi’ poé harita! Ku pelem jeung cakialna cenah nepi ka kitu téh. “ménak gé
saredeppeun” ceuk indung, mulang panineungan.
Hanjakal kuring mah teu kabagéan
ngasaan kulub jéngkol uyut. Sabab nya éta, tong maké kulub jéngkolna, dalah
uyutna gé geus ropoh apan nu ‘kasampak’ ku kuring mah. Boboko gedé
paragi’ngaruang’ jéngkolna gé, kari bangkarakna. Sok dijieun bal sanggeus
kuring bisa sésépak mah, dibeletuk-beletuk kana témbok bénténg Mak Enoh.
Kilang kitu, aya kajadian nu teu
beunang dipopohokeun nu kaalaman ku kuring jeung uyut. Kajadian rongkah mungguh
sadirieun kuring mah. Kajadian nu hamo beunang dipopohokeun –sigana sapanjang
kuring dumelah. Da geuning buktina nepi ka ayeuna kuring geus incuan gé,
kalangkang éta kajadian téh cékas kénéh
pisan. Malah beuki dieu téh kalah beuki nyékasan.
Leutik kénéh kuring harita téh, umur
lima taun. Dina hiji poé méméh tengah poé, beuteung kuring ngusial. Ku nini dipiwarang
cingogo dina kuluwung pamiceunan cai di sumur tukangeun imah, da kitu sasarina
gé.
Tapi dak-dumadak sakali harita mah
kuring mugen dititah cingogo dina parantina téh, hayang di pacilingan balong
kulonneun imah. Atuh kudu aya nu nganteur da kudu mapay jalan aspal pupuluhan
meter. Sedeng nini jeung indung keur riweuh ku pagawéan, teu bisa ingkah ti
dapur.
Ku nini diolo, ku indung
dipolototan, sangkan daék cingogo dina kuluwung. Tapi kuring teu beunang
disisilihan, keukeuh hayang di balong. Pikiran téh resep nénjo lauk marebutkeun
hakaneun, mani sok pahibut pagulung. Komo nénjo bibit mah, mecak gubay-géboy
sagedé orok.
Ningal kitu, uyut éléh-déét. Atuh
kapaksa bari rumanggieung-rumanggieung ogé nunungtun kuring nu geus ulad-alid.
Kuring bungah-guligah, kahayang laksana.
Dina émprona di balong, teu
kira-kira sukana ati nénjo paripolah lauk, nyeplés sapanyipta ti imah mula.
Lamunan mayung diulur, dongéng ‘Si Leungli’ lauk beureum sagedé orok.
Bawaning ku anteng, kuring teu
nyangkirangan ieuh bisi uyut cangkeuleun atawa puyeungeun mah. Geus béak gé
pingusialeun, moho wé lalajo nu patinggaréboy. Malah uyut gera-gero gé. “atos
jaaang.....? atos jaaang...?” teu dipaliré.
Cengkat-cengkat sotéh duméh suku
singsireumeun wé. Bosen ongkoh da lauk téh teu haben mijah ari geus béak
“araheun” mah.
Cengkat wéh caritana téh, beberesih
di pancuran, terus ngeteyep ditungtun dibawa balik. Mimiti leumpang téh mapay
darmaga susukan nu paréndéng jeung balong. Béak éta, srog ka jalan aspal, terus
meuntas leumpang di beulah kénca.
Tah keur kitu geprakna kajadian téh!
Ti kidul, ti péngkolan, mucunghul
mobil sédan. Uyut harita ngajarandeg heula bari mépéd ka sisi pager bumi Ceu
Adnah. Malah panangan uyut nu kiwa mah nyepengan kana pager, ari kuring
culang-cileung handapeun ingkabna.
Teuing atuh, teuing kumaha peresisna
kajadian téh, nu inget téh uyut geus ngudupruk bari haharegungan. Sampéanana nu
katuhu ngagépor sisi jalan, ari pananganana duanana pageuh nanangkeup awak
kuring nu teu cécél-teu bocél, teu baréd-baréd acan!
“aya nu kadupak mobiiiiiiil!!!”
jelema nu araya sisi jalan patingjarerit, rabul narulungan.
Uyut digarotong ka imah nu kari
pupuluhan deui léngkah ti dinya. Ari kuring ditungtun teuing ku saha, ngan
inget ku lalaki.
Indung jeung nini nu cenah ngadarangu
sora patingdarengék di jalan lain deui reuwaseunana, timburuna jol teg wéh ka
kuring jeung uyut. Komo barang jol uyut pada ngagarotong mah, kacida
harareugeueunana. Kaayaan jadi tagiwur, imah panggung sagedé saung, dedet ku
jelema nu rajol narempo.
Harita kénéh uyut dicandak ka
rumahsakit ku nu nabrakna. Lain urang jauh horéng nu nabrakna téh, urang Gang
Sukarya, sasar tatangga kénéh. Cenah keur diajar kénéh nyetirna téh.
Sampéan tengen uyut potong sapisan
leresan bincurangna. Ditémbok (gips)
di rumahsakit. Ari kuring mah harita, da teu cécél-teu bocél téa, poé harita
kénéh gé ngageletek ulin deui baé. Perkara uyut katiban musibah mah –sangkilang
diri nu jadi gara-garana- ngiles wé tina pikiran téh.
Atuh isukna, pagétona, jeung
saterusna uyut ukur tiasa calik atawa ngajepat, nepi ka sakalieun palay ka cai
gé kudu dibébéyéng diréréyang. Kuring, penjahatna, nyaksian sih nyaksian, tapi
teu meueus-meueus acan timbul kasusah dina haté, komo kasedih-hawatir mah.
Kalah sok resep nénjo kana sampéan
uyut nu ngajelepeng téh, malah dicoo! Mimiti ukur diajar-ajar ditoélan, terus
diteueul-teueul, terus diketrok-ketrok ku tungtung ramo. Sanggeus sidik teu
nyeurieun, tuluy ditepak-tepak, bari panon mencrong kana pameunteuna, hayang
nyaho muringis henteuna. Pék dijungjung-jungjung, geus ngajungjung, sok
dilésotkeun, atuh gebru sampéanana nu ampeg ku témbokan ngagebru kana kasur
lépét! Resep ku jegjregna! Bibireungeuhan téh kawas suku “Si Baju Beusi” (can
usum sesebutan ‘robot’ harita mah). Mun katénjo uyut muringis lantaran
karaoseun nyeri, batan eureun anggur ngahajakeun! Mun geus digaok ku indung,
kakara nyingkah!
Bangor? Heueuh!
Malah beuki gedé mah beuki kapikir,
lain bangor deui patut jiga kitu mah, tapi bangkawarah! Nurustunjung!
Hawatos temenan uyut. Turug-turug
waruga ropoh balung ripuh, katiban musibah, atuh mutuh ripuh! Mulan-malén
ngajimprek nyandang panémbok di imah sagedé pelok, bari kaayaan hirup jauh ti
cukup.
Sawatara bulan ti saprak gips-na dibuka, uyut ngantunkeun. Hirup
uyut ditungtungan ku humaregung. Poé-poé ahirna dieusian ku pupuringisan nahan
kanyeri.
Kabéh gara-gara ieu diri
bangkawarah!
Mun seug harita kuring daék cingogo
di kuluwung imah, mun seug harita kuring beunang diolo, mun seug harita kuring
teu kabongroy ku lauk di balong, mun seug…..
Keur mah jorojoy haté sorangan
tumarima kana dosa, turug-turug réa naker téténjoan sapanjang hirup nu matak
nyuat-nyuat nyeuit-nyeuit kana éta kajadian. Nénjo nini-nini nungtun budak, ras
ka uyut. Nénjo nu kadupak mobil, ras ka uyut. Nénjo nu di-gips, ras ka uyut. Nénjo pacilingan, nénjo balong, nénjo lauk
tinggaréboy, teu weléh nungtun ingetan kana kajadian harita.
Nu basa guprakna teu nimbulkeun rasa
naon-naon, nu tadina teu teleb-teleb jadi ingetan, sanggeus sawawa mah karasa
peurah-peurih pangaruhna. Beuki kolot batan peruh kalah tambah sumarambah.
Saban waktu dikukuntit ku rasa dosa, saban waktu, saumur-umur, nepi ka yeuna,
ayeuna pisan, detik ieu pisan kuring keur nulis!
Ti barang hideng mindeng kumejot
hayang nuliskeun éta kajadian, malahmandar bisa ngalolongsong, henteu ngabegel
mangen baé, tapi teuing ratus-teuing réwu kali dicoba rék ditulis, teu weléh
bolay jeung bolay. Pikecapeun metet padedet tina ingetan, susah ngéntépkeunana,
susah milih naon heulana. Ana dipaksakeun ngotrét sakotrét-kotrétna, tara bisa
kebat da kaburu pegat ku gulidagna rasa. Tungtungna ukur sok matung!
Ayeuna gé cacakan geus aki-aki,
méh-méhan teu bisa ngawasa diri, angger waé balilihan nyatetkeun ieu
pangalaman. Ceurik lahir saukur ngembeng cipanon, ceurik batin nu teu kawayaan
mah.
Bumi Kinanti, Desember 2005
MIKAWANOH CARPON
Carita pondok téh karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu galur caritana relatif basajan.
Hal éta lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa; museur kana hiji
kajadian, tur palakuna ukur dua atawa tilu urang. Jejer (téma) jeung latar (setting) carita pondok mah napak dina
alam kahirupan kiwari, beda jeung dongéng.
Nu disebut carita pondok (carpon) di
urang ilaharna panjangna sakitar 7.500 kecap. Dina kasusatraan Sunda carpon téh
ukuran karanganana ku kaca (halaman) nya éta antara 4 nepi 6 kaca
kalayan 1,5 spasi. Padahal di Barat mah éta téh kaasupna short short story
(carita pondok nu pondok pisan). Upama make standar Mangle nu disebut
carita tilu bagian teh ilaharna 10 nepi 15 kaca, carita dua bagian teh biasana
7 nepi 10 kaca. Carita dua bagian ieu nu meujeuhna disebut short story di
Barat, sedengkeun carita tilu bagian eta leuwih merenah disebut long short
story (malah bisa leuwih ti 15 kaca, kira-kira nepi ka 25 kaca).
Upama dibandingkeun jeung novel, carita pondok leuwih heureut atawa kurang
kompléks dibandingkeun jeung novel. Carita pondok biasana museurkeun paniténna
(perhatian) dina hiji kajadian,
miboga hiji plot, setting anu tunggal, jumlah tokoh anu kawates, tur ngawengku
jangka waktu anu singget.
Buku-buku kumpulan carita pondok nu aya
dina hasanah sastra Sunda biasana asalna tina carita pondok nu geus
diterbitkeun heula dina masmedia. Kajaba kumpulan carita pondok munggaran nu
langsung diterbitkeun. Éta kumpulan carita pondok munggaran téh judulna Dogdog Pangréwong karangan
G.S terbitan Balai Pustaka taun 1930
nu panjangna 115 kaca, leuwih kolot
batan kumpulan carita pondok dina basa Indonesia Teman Duduk karangan M. Kasim nu terbit taun 1936.
Saha sabenerna éta pangarang nu maké
sandiasma (inisial) G.S téh? Nepikeun
ka kiwari tacan aya rarata nu bener. Numutkeun R. Éro Bratakusumah, salasahiji
rédaktur Sunda di Balai Pustaka nu panglilana dines di dinya, G.S téh cenah
sandiasma tina G. Suwandakusuma, anu kungsi jadi wadana. Tapi ceuk M.A Salmun
mah, G.S téh sandiasma tina G. Sastradiréja. Sanajan nepikeun ka kiwari tacan
kapaluruh saha sabenerna ngaran eta pangarang téh, tapi pamadegan R. Éro
Bratakusumah rada bisa ditarima sabab dina Dogdog
Pangréwong aya carita anu ngagambarkeun kahirupan kawadanaan. Tujuh carita
pondok anu dimuat dina Dogdog Pangréwong téh masing-masing
nya éta “Lembu”, Dua Paraji”, “Jin”,
“Salah Pok”, “Angeun Lekoh”, “Soang”, jeung “Guguyon Dina Bulan Puasa”.
Midangna carita pondok Sunda téh umumna
mah dina majalah (heula), ti dinya kakara dikaluarkeun mangrupa buku (kumpulan
carpon) (Iskandarwassid, 2003: 113).
Carita pondok, dimuat dina majalah-majalah Sunda saperti: Warga (1951), Sunda (1952), Candra
(1954), Kujang (1956), Manglé (1957), Kiwari (1957), Sari (1962),
Langensari (1963), Mingguan Sunda (1965), Hanjuang (1971), Gondéwa (1972), Giwangkara (1973), Galura (1974),
jrrd
Sawatara Conto Buku Kumpulan Carita Pondok (Rusyana,
1992: 45)
No
|
Judul Buku
Kumpulan Carpon
|
Pangarang
|
Taun
|
1
|
Dogdog Pangréwong
|
G.S
|
1930
|
2
|
Carita Biasa
|
R.A.F
|
1959
|
3
|
Dongéng énténg ti Pasantrén
|
R.A.F
|
1961
|
4
|
Papacangan
|
Rusman Sutiasumarga
|
1960
|
5
|
Hujan Munggaran
|
Ayat Rohaédi
|
1960
|
6
|
Néangan
|
Caraka (Wiranta)
|
1962
|
7
|
Jurig
|
Tini Kartini
|
1963
|
8
|
Paséa
|
Tini Kartini
|
1965
|
9
|
Nyi Karsih
|
Tini Kartini
|
1984
|
10
|
Di Luhureun Jukut Reumis
|
Yus Rusyana
|
1965
|
11
|
Jajatén Ninggang Papastén
|
Yus Rusyana
|
1988
|
12
|
Béja ti Maranéhna
|
Ki Umbara
(W. Ranusulaksana)
|
1964
|
13
|
Diwadalkeun ka Siluman
|
Ki Umbara (W. Ranusulaksana)
|
1965
|
14
|
Teu tulus Paéh Nundutan
|
Ki Umbara (W. Ranusulaksana)
|
1965
|
15
|
Kanyaah Kolot
|
Karna Yudibrata
|
1985
|
16
|
Ceurik santri
|
Usep Romli HM
|
1985
|
17
|
Halimun Peuting
|
Iskandarwassid
|
1990
|
Nu dicatet di luhur téh sakadar conto. Kiwari ceuyah buku-buku kumpulan
carita pondok karya para pangarang séjénna boh entragan heubeul boh entragan
béh dieu, saperti Aam Amilia, Godi
Suwarna, Darpan Ariawinangun, Usman Supéndi, Cécép Burdansyah, Dian Héndrayana,
jlté. Lian ti kumpulan carpon, anu mangrupa antologi carita pondok ogé jaman
kiwari geus loba anu terbit, di antarana karya-karya pinunjul anu dihijikeun
dina antologi saperti Kanagan
I, Kanagan II,Heulang nu Ngajak Béngbat, Lir Cahya Nyorot
Eunteung, Campaka Mangkak, Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta, jlté.
Unsur-unsur intrinsik (unsur jero) anu nyampak dina carpon nya éta:
a. Jejer (téma)
Nya éta inti tangtungan atawa inti
ageman (pokok) anu sipatna abstrak,
dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun nu maca. Bisa jadi
ku pangarang ditembrakkeun (ditulis), tapi mimindengna mah implisit. Téma téh
jadi pameungkeut sagemblengna carita. Atawa muncul tina carita sagemblengna. Ku
lantaran téma karangan téh mimindengna implisit, sok dicindekkeun ku nu
maracana (Iskandarwassid, 2003: 162)
b. Amanat
Nya éta pesen pangarang atawa papatah
moral pikeun nu maca, bisa mangrupa panyaram bisa mangrupa pangjurung laku,
conto amanat panyaram, “Ulah kedul ari jadi murid.” Conto amanat pangjurung
laku, “Kudu rajin diajar ambéh pinter.” Amanat aya anu nembrak (éksplisit) anu
anu nyamuni (implisit). Amanat anu implisit dicindekkeun ku nu maca.
c. Latar (sétting)
Nya éta gambaran waktu, kaayaan,
patempatan, lingkungan, suasana, jsté anu ngalantarankeun kajadian carita.
Tegesna mangrupa salasahiji koponén dina adegan karangan. Merenah henteuna
milih latar jeung ngadéskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan (Iskandarwassid, 2003: 74). Sacara
basajan, latar nya éta tempat jeung waktu
lumangsungna kajadian/peristiwa dina carita pondok.
d. Palaku (tokoh)
Nya éta ngaran-ngaran anu ngalalakon
dina carita. Dumasar kana kalungguhan atawa pentingna dina carita, palaku téh
dibagi jadi tilu: 1) palaku utama atawa palaku kahiji protagonis, nya éta palaku anu nyekel peran utama ti awal nepi ka
ahir carita. 2) palaku kadua nya éta palaku anu jadi lawan palaku utama (antagonis), jeung 3) palaku tambahan (tritagonis). Dina carita heubeul, lian
ti jalma, anu jadi palaku téh bisa ogé sasatoan, buta, jin, jst (Iskandarwassid, 2003: 25).
e. Galur (alur atawa plot)
Nya éta rakitan (struktur) rupaning
kajadian carita nepi ka ngawujud jadi leunjeuran carita. Dina ngarakit kajadian
carita téh: nempatkeunana, ngatur heula pandeurina, matalikeun hubungan antar
kajadian, jste. Unggal rakitan disusunna jeung dipidangkeunana téh pikeun
meunangkeun éfék-éfék émosional jeung kaéndahan. Kajadian carita raket pisan
patalina jeung palaku carita. Kajadian téh apan keur gambaran palaku atawa ari
palaku téh ngawatesanan kajadian (Iskandarwassid,
2003: 112).
f. Gaya
Nya éta corak éksprési basa, boh dina
prosa boh dina puisi. Cara kumaha anu digunakeun ku pangarang dina midangkeun
omongan. Pasipatan gaya (basa) dina karya sastra atawa tina hiji pangarang bisa
dianalisis tina 1) diksina atawa pilihan kecapna, 2) ungkara atawa struktur
kalimahna 3) tina rupa-rupa babandingan jeung cara ngantebkeun harti 4) tina
pola wirahmana, purwakantina, jeung ciri-ciri wangunna nu séjén 5) tina
cara-cara nimbulkeun éfék ku rakitan basa. (Iskandarwassid, 2003: 44).
g. Puseur Panitén
atawa Titik Caturan (sudut pandang
atawa Point of View)
Nya éta cara ku saha dicaritakeunana
karangan. Aya dua cara anu bisa digunakeun dina fiksi nya éta 1) caturan jalma
katilu, juru catur aya di luareun carita. Ngagunakeun kecap sulur ‘manéhna’
atawa ‘maranéhna’, atawa langsung ngaran tokohna 2) Caturan jalma kahiji, juru
catur aya di jero carita, jadi palaku carita, ngagunakeun kecap sulur ‘kuring’
(Iskandarwassid, 2003: 112).
Ngarang Carita Pondok
Pikeun
diajar ngarang carpon, sabenerna mah taya aturan atawa padika husus. Sabab dina
enas-enasna mah ngarang téh gumantung kana pangalaman maca, tatanya, sarta
prakna nulis bari teu poho dibarengan ku muka kamus pikeun mikanyaho harti
jeung nuliskeun kecap.
Tapi
pikeun ngalalanyahan, aya léngkah-léngkah ngarang carpon dumasar kana
unsur-unsurna. Pikeun lilinggeran dina diajar ngarang carpon, tah ieu di handap
minangka gurat badag ngarang carpon téh.
- Néangan ideu
- Nangtukeun jejer (téma)
- Nangtukeun palaku (tokoh) jeung
watekna (karakter)
- Nangtukeun latar (setting)
- Nangtukeun galur (plot)
- Nangtukeun puseur sawangan (point of view)
- Nangtukeun amanat
- Basa nu digunakeun
- Nangtukeun judul
Tidak ada komentar:
Posting Komentar