Kamis, 15 Agustus 2019

MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA KELAS X SMK/SMA/MA


MATERI 1 : TERJEMAHAN

A. Wangenan Terjemahan
      Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa.Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina.
    Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.

B. Kaedah/ Aturan dina Nerjemahkeun

a. Kaedah-kaedah narjamahkeun prosa:
    1. Mahaman eusi teks anu ditarjamahkeun (dima’naan)
    2.  Merhatikeun galur carita
    3.  Kudu luyu jeung eusi/amanat nu nulisna atawa paham kana maksud pangarang

b. Kaedah-kaedah anu ngabedakeun dina narjmahkeun wangun prosa jeung sajak :
   1. Narjamahkeun prosa mah itungannna kalimah per kalimah sedengkeun dina sajak mah kecap per kecap (leuwih bangga)
   2.  Dina narjamahkeun sajak henteu cukup modal kamampuh ngagunakeun basa aslina tapi kudu weuruh kana basa sarta budaya hasil tarjamahnna.
  3. Anu narjamahkeun sajak mah kudu mibanda pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik kekecapan, pangalaman ngagunakeun metaphor, pangalaman ulin jeung imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi

C. Prosedur :
         Lengkah-lengkah pangajaran materi terjemahan :
       a. Nampilkeun conto teks/tulisan
       b. Maca dina hate (Ngilo)
       c. nangtukeun  tema terjemahan dilakukeun di awal atawa ditangtukeun ku guru
       d.  Maham alur carita (prosa)/ eusi dina Puisi (sajak)/ (Kawih)
       e.   Nerjemahkan saluyu jeung aturan
       f.   Nepikeun hasil terjemahan tuluy silih koreksi jeung babaturan sabangku atawa kelompok
       g.  Nepikeun hasil terjemahan/hasil suntingan terjemahan nu batur/ kelompok sejen.

            Lembar Kerja Siswa
    
            Mata Pelajaran      : Bahasa Sunda
            Tugas                     : Kelompok
            Materi                    : Terjemahan/Menerjemahkan Teks


·         Narjamahkeun Téks Bahasa Indonesia kana Basa Sunda
Naskah Bahasa Indonesia
Tarjamahan
Selama puluhan tahun berkecimpung menyebarkan risalahnya, Kiai Gozal  tidak henti-hentinya menggunakan bahasa Sunda. Beliau sering menyebut bahasa Sunda dengan bahasa
“pedesaan”. Malah mengaku bangga dirinya disebut “ulama pedesaan”. Ulama yang setiap gerak-gerik langkah serta ucapannya dimengerti
dan dipahami oleh masyarakat pedesaan. Bahasanya tidak mulukmuluk, tidak untuk gagah-gagahan supaya memberi kesan hebat. Gaya bahasa Kiai Gozali sangat plastis dan realistis. Karena pemahamannya terhadap psikologi massa, beliau sangat konsisten dan menyadari bahwa objek dakwah di Jawa Barat lebih didominasi orang-orang yang mengerti dan memahami bahasa Sunda ....
Kecap nu teu kaharti :
1. …… :
2. …… :
3. …… :
4. …… :  












       ·     Narjamahkeun Téks Basa Sunda kana Basa Indonesia


Naskah Bahasa Sunda
Tarjamahan
... Naon atuh bédana Harley jeung Honda Tiger atawa motor nu sakelas jeung Harley? Éta meureun sugan pédah tarikna mapakan jamparing?Bandel mesinna? Pédah kuat, wedel jeung tambleg? Tambleg jeung kuat samodél Témbok Cina? Bawirasa teu kitu. Lebah macét mah angger
wé... ngarayap.  Meneran banna kacugak paku, nya paling copélna kudu wé didorong baé mah. Komo lebah kapanasan jeung kaanginan mah sarua, kana sirah matak jangar jeung awak kudu dikerok, da asup angin. Kitu deui lamun hujan, da angger
wé nu tumpakna matak.... mucicid. Kabulusan. Atuh mun katabrak mobil mengpengan mah moal henteu nu tumpakna bakal ngajurahroh jeung motorna dijamin...ringsek. ....
Kecap nu teu kaharti:
1. …… :
2. …… :
3. …… :
4. …… :  














       MATERI 2 : DONGENG
                  
       A. Wangenan/ Pengertian Dongeng
    
           Dongéng nya éta carita rékaan nu ngandung unsur pamohalan. Dongéng téh mangrupa gambaran dunya ciciptan atawa imajinasi hiji pangarang ngeunaan hiji kajadian nu diwujudkeun dina wangun carita, nu tumurun jeung sumebar ti hiji generasi ka generasi séjénna. Dongéng bisa numuwuhkeun daya visualisasi jeung imajinasi ka nu ngaregepkeunna. Salasahiji panalungtikan nétélakeun, yén upama hiji budak ti leutikna mindeng didongéngkeun atawa ngaregepkeun dongéng, mangka mangkak ka gedéna éta budak dominan baris jadi jalma nu kréatif. Margalantaranna, sifat dongéng nu bisa ngahudang atawa numuwuhkeun daya visualisasi jeung imajinasi nu ngaregepkeunna, ngarangsang uteuk beulah katuhu si pangregep leuwih aktif.
           
B. Fungsi Dongeng
     Dongéng miboga sawatara fungsi. Di antarana; 
   1. Rékréatif (hiburan)
      Salaku fungsi rékréatif, dongéng méré pintonan visual dina uteuk pangregep (Theatre Of Mind) -boh sacara sadar atawa tan disadaran digambarkeun sorangan ku si pangregep- nu ngabalukarkeun munculna rasa atawa kaayaan anteng (asyik) tur panglipur di diri si pangregep nalika ngambah dunya ciciptan/imajinasi dongéng. Pikiran jeung rasa si pangregep museur napakan fragmen per fragmen kajadian dina éta dongéng, nepika kagambar atra yén si pagregep saperti enya-enya aya atawa ningali kana éta gambaran carita.
   2. Édukatif (atikan)
        Salaku fungsi édukatif, dongéng bisa dipaké sarana pangajaran karakter. Ajén moral dina dongéng dijadikeun sarana ngawanohkeun pangaweruh bebeneran hirup, ngahudang jeung numuwuhkeun sikep tur pamadegan sarta ajen diri (mentality and value beliefs) hiji jalma, sarta ngawanohkeun sikep-sikep atawa kalakuan anu teu luyu jeung norma-norma nu bener.
   3. Informatif (pangaweruh)
      Salaku fungsi informatif, di antarana dongéng bisa ngaronjatkeun pangaweruh kandagakecap, kalimah, babasan, paribasa, ungkara, mamanis basa, sajarah, budaya (boh budaya sorangan atawa sékésélér séjénna), daérah,  tur lian-lianna ka hiji jalma. Nalika manggihan hal-hal anu kurang kaharti atawa kurang dipikanyaho, dongéng ngahudang karep si pangregep pikeun nanyakeun atawa néangan sorangan jawaban tina éta perkara.
    
C. Papasingan/ Jenis-jenis Dongeng
    Numutkeun wanguna/ bentukna papasingan atawa jenisna, dongéng kabagi jadi sawatara kelompok. Di antarana:

     1. DONGÉNG SASATOAN (Fabel)
       Dongéng Sasatoan nya éta dongéng anu mibanda unsur atikan ngeunaan watek, sipat, kalakuan, atawa paripolah anu hadé jeung teu hadé, nu digambarkeun ku sasatoan nu hirup lumrah kawas jalma. Ilaharna watek-watek nu muncul téh di antarana bageur, bener, cerdas, calakan, julid, jail, jahat, mahiwal, jeung sajabana.
    Conto-conto judul dongéng sasatoan Sunda di antarana; Sakadang Kuya jeung SakadangMonyét Maling Cabe, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau, Sakadang Monyét Maok Suling Sakadang Kuya, Sakadang Kuya jeung Sakadang Maung Silih Duruk, Sakadang Kuya Ngagandong Imahna, Sakadang Peucang Keuna ku Leugeut, Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup, Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong, Sakadang Maung Kagucak Ku Cucuk Landak, jsb.

2. DONGÉNG JALMA (Parabel)
        Dongéng Jalma Biasa (Parabel) nya éta jenis dongéng anu nyaritakeun kahirupan sapopoé jalma basajan. Ilaharna ngandung unsur atikan (pieunteungeun) atawa murni hiburan (panglipur), gumantung kana tipeu dongéngna.
         Conto judul-judul dongéng parabel Sunda di antara; Dongéng Ki Jana-Ki Jani, Dongéng Hihid Kabuyutan, Si Kabayan Ngala Tutut, Si Kabayan Ngala Nangka, Si Kabayan Ngala Roay, Si Kabayan Moro Uncal, Si Kabayan Meuleum Lauk, S.K Ngadeupaan Lincar, jsb.

3. DONGÉNG SASAKALA (Legend)
             Dongéng Sasakala nya éta carita rékaan anu nyaritakeun asal-usul, asal mula, jeung asal muasal hiji tempat, tokoh, atawa kajadian, anu can pasti kanyataan atawa bebeneranna.
             Conto judul-judul dongéng sasakala Sunda di antarana: Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Talaga Warna, Sasakala Gunung Gajah, Sasakala Ratna Inten Déwata, Sasakala Cika-Cika. Di Cianjur, sawatara dongéng sasakala di antarana; Sasakala Hayam Pelung, Sasakala Kuda Kosong, Sasakala Béas Pandanwangi, Sasakala Lembur Sabandar, Sasakala Kampung Sodong, Sasakala Leuwi Batok jeung Asal-Usul Cianjur, Sasakala Ciguriang, Sasakala Cikalong, Sasakala Gunteng, Sasakala Pasir Panglay, Sasakala Hegar Manah, Sasakala Gang Laksana, Sasakala Kampung Samolo, Sasakala Kampung Warung Jambu, Sasakala Rancagoong, Sasakala Lembur Cimaja, jsb.

4. DONGÉNG GAIB (Mite)
Dongéng Gaib (Mite) nya éta dongéng anu nyaritakeun saperkara hal gaib kayaning déwa-déwi, lelembut, jurig, siluman, jin, danyang, bunian, gumelarna alam/tempat, jeung sajenisna. Dina sajarahna, dongéng gaib dianggep salaku sumber sagala dongéng, sabab dongéng Gaib patalina jeung réligi-kapercayaan nu diagem ku hiji suku bangsa atawa daérah. Jaman baheula dina ngagelarkeun dongéng gaib téh teu bisa samanéa, alatan dongéng gaib mah –dipercaya- misipat hal nu kacida sakral.
Conto judul-judul dongéng gaib Sunda di antarana: Leuwi Onom (Ma Onom), Sanghyang Dangdang Sri (Déwi Sri), Éyang Suryakancana, Lutung Kasarung,  jsb.


5. DONGÉNG BABAD (Sage, Semi-Historical Tale)

Dongéng Babad nya éta dongéng anu ngandung unsur sajarah ngeunaan hiji tempat, palaku atawa kajadian, tapi masih kudu ditalungtik deui ajén bebeneran sajarahna.
Conto judul-judul Dongéng Babad Sunda: Babad Galuh, Babad Pakuan, Babad Sumedang, Babad Siliwangi, Babad Kéan Santang, Babad Cikundul, Babad Sukamulya-Kuningan, Babad Pajajaran, jsb.

Ditilik tina eusi caritana, Aarne–Thompson ngabagi dongéng, di antarana:
      1. Dongéng Agama (Religious Tales)
2. Dongéng Bodor (Joke and Anecdote Tales)
3. Dongéng Pieunteungeun (Moral Stories or Advice Tales)
      4. Dongéng Kanyataan (Realistic Tales)


D. Ciri-Ciri Dongéng
    Dongen teh miboga ciri-ciri, diantarana:
1.      Kaasup kana golongan carita/ prosa/ aya alur caritana
2.      Aya babagian caritana nu sok teu kaharti ku akal/ pamohalan
3.      Nyebarna sacara lisan tur teu kapaluruh saha nu ngarangna/ tatalepa
4.      Ngandung naséhat/papatah anu hadé keur pieunteuneun jalma réa.

E. Cara Ngadongeng 
             Ngadongéng téh hiji kagiatan anu butuh totalitas sangkan matak kataji. Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun dina prak-prakanana ngadongéng. Pék tengetan ieu di handap!
    1. Paham kana eusi dongéng.
    2. Paké kekecapan anu gampang dipikaharti.
    3. Ngatur sora.
    4. Gerakan leungeun.
    5. Gerakan panon.
    6. Mimik atawa gerak awak kudu éksprésif.
    7. Improvisasi.
    8. Percaya diri.













































































































Tidak ada komentar:

Posting Komentar